NGADU GEULIS ?

 

Djamu Kertabudhi

Robahna pazamanan diantarana dihudangkeun ku majuna teknologi komunikasi. Kahayang, pamanggih atawa kabiasaan naon wae tangtu babari nyebarkeunana, sarta dina saharita keneh bakal ngadunya.

Ngan mangkahade jati diri tuturunan kudu angger nyangreud kana tatapakan dina nyanghareupan kaayaan nu geus ngarasa barieukeun jeung dikepung ku meuweuhna pangaruh deungeun. Cohagna mah ulah kabawa ku sakaba kaba.

Sim kuring rada ngarandeg sabada maca di media “On line” judulna “Ngadu geulis”. Saderek Rahmat Hidayat anu tampa daksa ceuk kiwari mah disebut “penyandang disabilitas”, linggih di Kp. Ciawi tali Desa Wangun Sari Sindangkerta, ka anjangan ku pa Wabup Hengki Kurniawan, rehna aya beja ti media ieu nu tampa daksa teh boga pangabisa anu punjul dina ngagambar motif sareng model raksukan kiwari.

Teu kungsi lila pangersana Pa Bupati Aa Umbara dina nyukcruk galur saba desa, nyimpang ka bumina Rahmat Hidayat. Alhamdulillah, ieu pangabisa anjeuna ku Pamarentah bade dipeupeujeuhkeun dugika jucung. Malah mandar bade di umrohkeun sagala cenah.

Ngan aya komentar ti balad-balad nu aya dipakidulan anu rada rosa, malah jadi aweuhan. Cenah ieu mah “pencitraan tea” malah aya nu nyebutkeun Ngadu geulis sagala antara Bupati jeung Wabup. Masih loba keneh cenah masyarakat nu tampa daksa di KBB teh anu teu acan ditalingakeun ku pamarentah.

Tah dina leresan ieu pamingpin kiwari mah ulah gampil jaheut manah, kedah landung kandungan laer aisan.
Atuh ti pihak masyarakat kedah dibiasakeun kagungan sikep khusnudzon.

Sok komo deui pamingpin pilihan masyarakar KBB teh nembe “sa umur jagong” ge teu acan. Ulah digareuwahkeun heula, hayu urang rojong tur dikawal ku urang ulah dugika nete semplek nincak semplak. Wallohu A’lam. Wassalam.

Wassalam by Drs H. Djamu Kertbudi, M.Si, Pengamat Pemerintah dan Politik, Dosen STIA LAN RI Bandung. (***)

Digiprove sealCopyright secured by Digiprove

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *